Ramé mah geus puguh deui, da puguh hajat rongkah. Tapi, taya nu wawuh saurang-urang acan. Caméot diuk di juru. Jol aya nu nyampeurkeun, bangun arék ngawawuhan. “Nepangkeun, abdi Léah,” pokna. Léah? Apan éta mah ngaran diri sorangan. Teu dipokkeun, kalah nikukur ngaran ka panjangna, “Abdi, Hanifa.” Diuk gigireun, bangun jauh panineungan. “Abdi téh pundung. Kedahna dinten ieu abdi nikah ka Kang Anwar Makarim,” pokna. Anwar Makarim? Ngahuleng anu kadua kalina. Ras kana kakandungan anu geus nincak bulan kaopat. Teu kungsi lila, pangantén geus bérés dirias, tas ganti baju ku nu sarwa hurung-hérang. Tapi, pangantén awéwé bangun nu alum. Kapireng pok-pokan MC, “Mangga urang sami-sami ngawilujengkeun, ka sapasang pangantén anu badé nyorang ambahan sagara rumah tangga, Néng Léahanifa sareng Cép Anwar Makarim.”