Dayang Sumbi kagendam ku Sangkuriang. Kasmaran-kaédanan. Beurang-peuting dipicangcam. Antukna murang-maring. Seuneu sabudeureun palangkakan, ngentab-ngentab ngaléntab embun-embunan. Birahi teu kalayanan, muriang teu kawayaan. “Gara-gara sia, da!” Laju ngajejewét boéh rarang. Rét ka gunung nu nangkub. Habek ditalapung satakerna. Nangkarak jadi parahu. “Tong ukur bisa ngandika baé. Bantuan aing. Pangmanggulkeun parahu ka walungan!” Kangjeng Raja henteu baha. Rumasa kana dosa baheula. Ngoconan bagong di pamoroan. Ngangkleung di Cikapundung. Hanjat di palebah alun-alun. “Mana KTP?” Horéng keur aya razia. Sangkuriang maké baju seragam, rimbil ku pangkat. Dayang Sumbi morosotkeun sinjang. “Oh. Heueuh atuh. Inget ayeuna mah. Ieu téh pamajikan Si Tumang, nya?” Unggeuk. Pasrah, da ka beubeureuh ieuh. Bet piraku teuing cukup sina ngaléngkahan. Bulan surem luhureun caringin kurung. Henteu kebat. Bolay saharita. Kandeg saméméh der. Kaganggu ku anu tingcorowok. “Taranghi! Taranghi! Geura ngarungsi! Bandung Lautan Api!”