Hulang-huleng bada Isa. Odin. Ngajajanteng di buruan masigit. Rus-ras. Ka Halimah kembang manah. Jimat ati nu teu weléh kumalangkang. Nu cenah geus rék tunangan. “Kang Gilaaang..!” kapireng sora Nurmaya. Dilaeu-laeu. Odin tanggah. Bréh. Nyi Putri. Diuk ‘na palapah palem. “Ka situ Mustika téa, yuuu?” pokna. Bari ngirab-ngirabkeun jangjangna nu ngatumbiri.
Anjog ka situ Mustika. Purnama sumedeng ngempur. Nurmaya jigrah kacida. Kumalayang. Humariring. Jangjangna nyabetan cisitu nu tinggurilap. Maluncratan. Warna-warni. Odin imut. Tumpak parahu. Diwelah ka lebah nusa. “Asoy géboooy!” Putri Nurmaya ngaléndéan. Keur kitu, cai ujug-ujug ngagolak. Gumuruh. Parahu oléng. “Kurangajar, Gilaaang! Kumawani ngarebut bébéné aiiing!” Nu hohoak. Sorana ngaguludug.
Bréh. Dedegna sampé. Hadé rupana. Durmagati. Nu napak kancang. “Bébéné ti manahoréng!” Nurmaya ngajebian. Durmagati mureleng. Nénjrag cai. Lambak dumadak ngajurungkunung. Neumbrag parahu. “Éééh, Awaaas!” Nurmaya ngagéréwék. Ngabelesat. Sora nu patinggeleger. Laju parahu tibalik. Odin tigujubar. Lup-lep. Burial-buncelik. Kelebek. Les. Mongkléng. “Kang Gilaaang..!” Odin beunta. Di nusa. Dina lahunan Nurmaya.