Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 27 Désémber 2014 19:00:12
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Saptu, 27 Désémber 2014 16:44
Bundana Duo Mojang: " Assalamuallaikum wr'wb,,,,,hatur-nuhun pisan ka Bpk Kuncen fbs anu tos nampi sim kuring jnteun wargi fbs,,," sim kuring leuga manah tiasa di ajar seueur ngaos bahasa sunda sanaos sim kuring nuju buburuh di Negri deungeun mugia nambih seueur saderek,,,nambih elmu,,, nambih ginclong'na uteuk balas di asah ku fbs hehe wassalam'uallaikum wr..."
Saptu, 27 Désémber 2014 16:09
Bundana Duo Mojang: " Assalamuallaikum wr'wb,,,,,hatur-nuhun pisan ka Bpk Kuncen fbs anu tos nampi sim kuring jnteun wargi fbs,,," sim kuring leuga manah tiasa di ajar seueur ngaos bahasa sunda sanaos sim kuring nuju buburuh di Negri deungeun mugia nambih seueur saderek,,,nambih elmu,,, nambih ginclong'na uteuk balas di asah ku fbs hehe wassalam'uallaikum wr..."
Senén, 15 Désémber 2014 17:21
Abdul Haris: " Assalamu'alaikum Wr. Wb. Pangapunten ka réngréngan sadayana. Jalaran kawatesanan ku sarana. Sim kuring nembé tiasa mairan ieu rohangan. Mitembeyan seja ngahaturkeun nuhun kana salaring pangangken. Kersa nampi aubna sim kuring, kalayan léngoh kaweruh. Ageung pangharepan pikeun sim kuring pribadi. Anu seja mundut panuyunna, ti para kanca sadaya. Pikeun sami-sami nanjeurkeun budaya indung. Ieu..."
Senén, 01 Désémber 2014 12:03
Rachmat Adhe: " Assalamu'alaikum warahmatullah,, Punteun bilih aya nu uninga ngagaleuh novel prabu siliwangi di mañana ? Di gramed tos teu..."
Jumaah, 28 Novémber 2014 00:00
Tike Agus Chayaang: " Hatur nuhun panampina..."
Ahad, 02 Novémber 2014 08:22
Husnul Yakin Ali: " Database kamusna teu acan leres..."
Salasa, 30 Séptémber 2014 00:41
Rubi'ah Adawiah: " assalamu'alaikum warahmatullah kularwargi sadaya, resep pisan ningal blog-na. eusina rupi-rupi anu janteun pangaweruh, mugia ngajanteukeun barokah tina elmu anu tiasa kamangpaatkeun. Aamiin..."
Kemis, 21 Agustus 2014 08:23
Intan Permata: " Asa lebet ka kebon kembang warna..."

Beus

Kénging Liezbella Swanzen New
Dipidangkeun dina lapak 29 Novémber 2013 02:11:41

Gék diuk dinu korsi pangtukangna, deukeut jandéla beulah kénca. Kabeneran korsi sagédéngeun kosong. Hawa karasa beurat, tinu rénghap nu panjang. Ngadayagdag. Jalan molongpong. Jandéla kaca niis ciibun peuting. Simpé. Panumpang séjénna diuk arajeg, ngawirahma jeung laju beus. Nu nyemprung di jalan nu euweuh tungtung.
Lamun seg, tadi euweuh béja Ratri cilaka, katabrak beus, meureun moal tuturubun megat beus tengah peuting jiga kieu. Ratri, nu kungsi ngait kanu ati. Huuh, ukur bisa rumahuh. Panon dipeureumkeun. Tibra. Janari geus kaliwat ganti ku isuk-isuk. Panon poé mélétét ngagurat langit ku warna konéng emas. Panon beunta. Geubeg, ngarénjag tinu korsi. Sagala kaciri. Panumpang séjén angger diuk arajeg. Ngilu wirahma beus. Jalan molongpong euweuh tungtung. Jung nangtung. Kemba. Panumpang séjénna geus jaradi nini-nini jeung aki-aki. Katut supir jeung kondekturna geus jadi rorongkong. Beus nyemprung di jalan euweuh tungtung. Kuring ngocéak muru panto beus nu dikonci. Jejeritan nyakaran jandéla kaca. Panumpang séjén diuk arajeg ngawirahma jeung beus. Tingséréngéh.