“Sok hoyong tiasa ngapung, rék metikan béntang.” ceuk manéhna, nanggeuy gado, neuteup langit baranang.
"Muhun, akang gé sok hoyong ngeukeupan bulan."
"Yu atuh! Urang ngapung." Sumringah.
"Alim ah, pan bulanna ogé aya di dieu." Ceuk kuring. Asih ngalenggak. Gep ngaranggeum ramo, diteueulkeun kana pipina bari imut neuteup. Aya kalangkang béntang dina panonna.
Harita sabulan kaliwat, sabada wakca nyidem kasakit. Ayeuna, heuleut saminggu dirapalan, Asih ngagolér dina ranjang sarwa bodas. Kacida pias, ngarérét méré isarat. Kuring dongko, nompokeun ceuli.
"Akang tos terang Asih bakal kieu." Haréwosna. "Tapi akang tetep maturan Asih."
"Sst....., bobo deui nya.., bageur." Asih manggut.
"Asih gé moal ngantunkeun akang." Reup peureum.
Kuring ngeukeup manéhna. Sajongjonan...., karasa engapanna alon, kakuping ketug jantung antaré... Selesep, kuring tiris saawak-awak. Naha asa ngeukeupan sorangan? Neuteup Asih, asa neuteup beungeut sorangan. Ngusapan rambutna, asa ngusapan sorangan. Aya galindeng jeroeun dada. "Kang...., Asih di dieu, dina haté akang....., haté urang."