Rebun-rebun kénéh indung belut nyalukan barudakna.
“Barudak, ngarampih! Bisi kaburu beurang.” Anak belut tinglaléor kana liang, tingporongkol dikeukeupan ku indungna. “Omat, ulah liar isuk-isuk, bisi dirawu jelema.”
“Jelema téh naon Ma?” Ceuk anak belut.
“Mahluk jahat, kabeukina ngahakan belut.” Barudak morongkol beuki nyepot.
“Jiga kumaha jelema téh Ma?” Nu sejen panasaran.
“Pikagilaeun. Awakna ngajungkiring ka langit, huluna buluan. Aya jangjangan tapi teu bisa ngapung. Buntutna dua, dipaké leumpang. Mun manggih belut huntuna tembong, ranggéténg.” Ceuk indungna. Barudak belut ngahéphép, tapi tingharéwos.
“Ooh..., uing nempo nu nagog sisi cai. Huluna cawigwig. Tapi naha buntutna konéng, ragrag, tuluy palid di walungan?”
“Huss, lain buntut éta mah, keur miceun, jiga urang wé. Uing komo nempo nu buluna di handap.”
“Enya, handapna gé cawigwig, aya huluan leutik. Jiga hulu urang, ngan euweuh huntuan.”