Jaka ngaranna téh, Jaka Sembada. Awak bangbang, hadé amprotan. Ised saeutik ti Iman Soléh, aktor téater CCL. Mata bolotot, kumis ngageleng. Batur ulin ti bubudak. Mun Apa bendu, manéhna nu sok ngupahan. "Tong dilawan, bakat ku nyaah kolot mah éta téh!" pokna ngalelemu. Basa tatu diheureuyan budak harak, manéhna nu nganganteur diajar maénpo ka Bah Emén.
"Aya ondangan A?" tanyana. Gek gigireun. "Enya, ti nu kariaan di Pager Ageung, milangkala ngadua-taunan!" jawab téh. "Ngiring nya A, da bageur!" ngolo-ngolo, "Moal A, moal ngérakeun, suér, moal rewog méakeun alas batur!" pokna deui. Keukeuh hayang milu. Teu beunang disisilihan.
Wanci ngagayuh ka tungtung peuting. Kacapi terus ngajentréng. Késétan rebab melas-melis. Nyirep sakur nu hadir. Ronghéap Si Jaka ngadeukeutan. "A, aya nu hérang-hérang! Mojok heula nya!" pokna ngaharéwos. Rét ka tukang. Geleber dua jirim tingkalayang. Ngaluncatan témbok wangunan.