Awewe, mamaké daster, bari ngais orok. Nu asup ka UGD bari
rawah-riwih, bieu kaluar deui. Nginghak bari nyiuman orokna
nu ukur katempo dampal sukuna. Tukang Béca nu nungguan di
parkiran nyampeurkeun. Teu nyarita nanaon. Surti.
Karék suku nu sabeulah naék kana béca, taktakna kaburu
dijéwang ku Satpam.
"Bu, administrasina dibéréskeun heula !" Rada nyentak
"Maksudna kumaha ?"
"Maksudna bayar heula ! Maén kabur waé !" Popolotot
"Naon nu kedah dibayar atuh Bapa? Anak kuring ukur digolérkeun,
teu dikukumaha ieuh. Dokter haré-haré, suster euweuh nu maliré"
"Tapi peraturanana kudu... Kéla, tong kabur!" Satpam teu kebat
nuluykeun. Gura-giru mukakeun panto mobil nu karék jol, tuluy
ngabantuan nurunkeun pasén kana brankar.
Béh ditu, lalaunan, béca ngageuleuyeung. Ninggalkeun rumah
sakit. Penumpangna, awéwé. Mamaké daster. Nangkeup orokna nu
beuki caméwék. Tiis.