Di buruan balédésa. Panggung ngajugrug. Dipasieup dékorasi. Ngajareblag aksara dina spandukna: “Halal Bi Halal Warga Lembur Kuring.” Bada Isa. Urang lembur tumplek. Sesepuh-sesepuh désa. Ajengan sakulawarga. “Haruuuh! Néng Nazila, ‘Bro!” Si Colat ngaharéwos. Odin nyérangkeun. Nazila nu jalingeur. Béda jeung Halimah. Nu andalemi.
Réngsé biantara. Sasalaman. Der pintonan kasenian. Tari-tari. Kakawihan. Dipungkas band. Pinisepuh nungtutan maredal sila. Ajengan kalih istrina. Dituturkeun ku Halimah. Nazila mah manco kénéh. Lalajo nu beuki mijah. Métalikaan. “Aingaaah! Teu puguh dédéngéan! Contoan, ‘Bro!” Si Colat noélan. Odin ukur ngahéhéh. Nénjokeun nu jarogéd. Nu marotah. Gimbreung.
Nazila unggah ka panggung. Kaul. Ngahitar jeung humariring. Galindengna ngarerepkeun nu marudah. Ngajaulkeun lalamunan. Kumalayang. “Gustiii,” Si Colat gumerendeng. Nu lalajo kasirep. Teu karecét-kecét. Harookkeun.
“…You’re wonderful tonight…” Nazila mungkas rumpaka. Nu sarurak. Gumuruh. Teu kaampeuh. Si Colat ngabarasat ka langit. Ngabeledug. Muncrat badis kembang api. “Love U! Mwuaaach!” ceuk aksara dina écéng. Nu ngempray di awang-awang. Odin nyéréngéh. Gogodeg.