Harita. Saminggu méméh lebaran. Odin keur sasapu di buruan masigit. Reg. Aya sédan hurung-hérang. Eureun. Nu turunna lalaki gandang. Nyampeurkeun. “Emh, Gilaaang! Uyuhan! Dadaékanan!” ceuk nu karék jol. Gogodeg. Odin nyolongkrong. “Damang, A?” pokna. Sasalaman. Lanceukna tiba ngunyem. Song. Mikeun bungkusan gedé. Rarat-rérét. Nénjoan masigit. Gék. Diuk di émpérna. Tingharuleng.
Paduduaan. Ngumbar katineung. Odin rus-ras. Ka indung-bapana. Nu geus taya di kieuna. Ka sobat-sobatna. Baréto. Hirupna nu ngaberung. Mangprung. Ka mangsa abring-abringan jeung guruna. Mapay masjid. Tepi ka tepungna jeung Ajengan di ieu lembur. Tingtrim. Tuluy bumetah. “Mending balik, Gilang!” lanceukna ngadongsok. Odin gideug. “Yah, terserah, ah!” omong lanceukna. Harita.
Ayeuna. Bada lebaran. Odin murak kiriman lanceuk. Buku-buku. Potrét-potrét kulawarga. CD. Aya surat ti alona: “Band-nya Om bikin album lagi. Suksés. Kaya-kaya, lho. Kapan pulang, Om? Kaka kangen!” Odin rumahuh. Ngahuhuleng. Kapireng uluksalam. Gumalindeng. Bréh. Néng Halimah. Ngajingjing rantang. “A Gilang, ieu ti Mamah,” pokna. Hibar imutna. Lir sumirat balébat.