POÉ LEBARAN. Singtorojol jalma ti kulon. Saabring-abring nu ti wétan. Daratang ti lembur kalér. Burudul urang kidul. Dulugdugdag, dulugdugdag. Nu tatalu ti kaanggangan. Nu akur aleut-aleutan. Maraké raksukan sarwa warna, rupa-rupa. Kabéh amprok. Ngariung di tengah lapang.
Geus sampurna, ngapapat kalima pancer. Pancer karahayuan. Maranéhna silih hampura, salaman. Ngan teu lila, tuluy bubaran. Ninggalkeun tumpukan dosa séwang-séwangan.