Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 24 Oktober 2013 02:00:20
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Babandan

Kénging Nazarudin Azhar
Dipidangkeun dina lapak 05 Agustus 2013 21:47:20

Giluk-giluk kari tuur teuas-teuas kari bincurang. Heueuh. Hirupna. Nyangsaya na ranjang butut, di juru imah tukang bèca nu haat ngampihan dirina. Urut bèntang sohor. Si Giler. Kamashur ku welasan film, biduan kawentar na satumpuk piringan hitam. "Pan urang nu keur kawasa," ceuk kuring basa maturan imutna. Saban manèhna ngalungkeun potret jalu nu kabancuh jadi runtah asmarana. Harita. Crukcrek nyeuseup kareueutna dunya. "Sawarga nu kungsi jadi udagan," pokna. Sumorèang. Kuring seuri. Enya. "Nu dihontal ngajauhan," cekèng. Manèhna melong. Pipi kanyosna beueus. Tapi kuring geus ngarasa cukup maturan. Minangka ruruntuk patalukan, manèhna geus narima sagalana, hancengan kasenangan katut kasimpé nu pohara.

Kiwari adegan pamungkas. Pikeun manèhna. Teu bisa kumaha. Dalah kuring sorangan teu bisa baha kana takdir nu guratna manteng, ti hiji babandan ka babandan sèjèn. Tepi ka ahir jaman.