Bérés solat Iéd, gura-giru muka toko. Lumayan, poé lebaran cocooan sok raris. Harita nu datang téh duaan, bapa jeung anakna. Meuli momobilan batré. Méméh dibeuli, diajaran heula. Enya alus, hurung ngahéang. Sok, kana ubin, séak ngabelesur. Lumpat ka buruan, lempeng muru jalan. Budak ngudag. Bapana reuwas. Gorowok: "Montong diudag! Mingkeun!!! Loba mobil!!!"
Jalan raya poéan lebaran téa, marema ku mobil. Tingbelesur ting saréak, paheula-heula. Rék meuntas gé kudu ati-ati. Ari ieu, heueuh dasar budak, teu ngadéngé, hih, terus wé lumpat, ngudag momobilan. Da éta mah, teu meunang ampun deui, rrrekkkkk!!! Kagéléng. Remuk. Ancur. Ambacak. Pabalatak. Geus euweuh deui tulunganeunnana. Momobilan anyar téh ancur. Si Budak molohok, ngajanteng sisi jalan.