Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 25 Séptémber 2016 14:27
Abu Labib Malawat: " Maksad hoyong muka kamus. Naha teu tiasa..."
Rebo, 21 Séptémber 2016 16:31
AD Rusmianto: " Sampurasun, bade ngedit profil ge sesah, teras wae dina halaman eta, saatos login teh. teu lebet kana halaman edit profil. sakali deui hapuntenna. jarang On oge akang, resep maca, hoyong diajar nulis oge...."
Ahad, 28 Agustus 2016 07:12
Abu Labib Malawat: " Sampurasun, Kumaha carana beh kacatet ID warga FBS? Hatur..."
Ahad, 03 Juli 2016 05:45
Iwan Nurdiansyah: " Assalamu alaikum, mugia sadayana aya dina ginanjar kawilujengan,..."
Ahad, 26 Juni 2016 05:16
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun..... Seja tumaros, dupi carana ngeusi data formulir pangarang teh kumaha?.... Abdi teu tiasa ngeusian data. Fikmin Abdi seueur nu teu kasair. Hatur..."
Ahad, 05 Juni 2016 07:04
Abdul Haris: " Tos sonoooo, hoyong katawis kapajang deui dina web-na. Karya-karya. Ieu hal, janten panyumanget pisan. Sok sanaos kinarya jisim kirang pangrojong ku..."
Jumaah, 03 Juni 2016 01:15
Atep K Rahman: " Assallammualaikum, Punten, nembe tiasa ngalebetan Buku Tamu ^_^ teras bade tumaros, kanggo ngisian data di palih mana? hatur nuhun, salam baktos ka sadayana. ^_^..."
Kemis, 26 Méi 2016 10:58
Intan Iyang Nurfitriani: " Hatur..."

Milikna Padagang Gula

Kénging Maman Sopyan Part III
Dipidangkeun dina lapak 03 Agustus 2013 17:47:01

Séahna sora mobil awor jeung jéréwétna motor. Patingsuliwer. Pepedut knalpot paburisat. Kageberan dudukuy bututna. Ki Juhro sila tutug na émpéran toko. Nyanghareupan daganganana. Gula kawung nu nambru na dingkul, neuteup ceuleuyeu.
Matapoé keur meujeuhna morérét. Nyorot puluhan jalma lalar-liwat. Nu patingcikikik, nu angkaribung, nu laleumpang rusuh. Sararibuk, jeung urusanna séwang-séwang. Sapasang mata nyérangkeun ti peuntaseun jalan.
Halisna ngadadak cengkat. Panénjo museur kana tulisan nu ngajeblag dina plang. Di toko panungtung beulah kéncana. "Euleuh, geuning murah baju téh? 10 réwuan. Calana 5 réwu. Jas 15 réwu," gerentesna. Ras ka incuna nu can kabeuli baju dulag. Jung, nangtung.
"Néng, mésér acuk nu itu," curukna bentik kana baju budak nu ngagantung. "Punten, Ki. Ieu sanés toko acuk. Namung, Laundry."
Pepedut knalpot diantep. Paheula-heula. Arareunteup na beungeutna nu péot tur kuleuheu. Ki Juhro sila tutug na urutna. Ngaheruk. "Pa, manawi kaanggo ieu acuk," nu tadi nyérangkeun ngasongkeun baju. Nyeplés jeung nu tadi ditunjukna.