Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 25 Séptémber 2016 14:27
Abu Labib Malawat: " Maksad hoyong muka kamus. Naha teu tiasa..."
Rebo, 21 Séptémber 2016 16:31
AD Rusmianto: " Sampurasun, bade ngedit profil ge sesah, teras wae dina halaman eta, saatos login teh. teu lebet kana halaman edit profil. sakali deui hapuntenna. jarang On oge akang, resep maca, hoyong diajar nulis oge...."
Ahad, 28 Agustus 2016 07:12
Abu Labib Malawat: " Sampurasun, Kumaha carana beh kacatet ID warga FBS? Hatur..."
Ahad, 03 Juli 2016 05:45
Iwan Nurdiansyah: " Assalamu alaikum, mugia sadayana aya dina ginanjar kawilujengan,..."
Ahad, 26 Juni 2016 05:16
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Sampurasun..... Seja tumaros, dupi carana ngeusi data formulir pangarang teh kumaha?.... Abdi teu tiasa ngeusian data. Fikmin Abdi seueur nu teu kasair. Hatur..."
Ahad, 05 Juni 2016 07:04
Abdul Haris: " Tos sonoooo, hoyong katawis kapajang deui dina web-na. Karya-karya. Ieu hal, janten panyumanget pisan. Sok sanaos kinarya jisim kirang pangrojong ku..."
Jumaah, 03 Juni 2016 01:15
Atep K Rahman: " Assallammualaikum, Punten, nembe tiasa ngalebetan Buku Tamu ^_^ teras bade tumaros, kanggo ngisian data di palih mana? hatur nuhun, salam baktos ka sadayana. ^_^..."
Kemis, 26 Méi 2016 10:58
Intan Iyang Nurfitriani: " Hatur..."

Nu Ngageugeuh Leuwi

Kénging Maman Sopyan Part III
Dipidangkeun dina lapak 01 Agustus 2013 21:55:52

Wanci kongkorongok hayam, Mang Ohim élékésékéng. Pupuringisan bari nyekelan beuteungna nu ngusial. "Kaduhung aing nyakruk céngék!" Pokna. Kutukgendeng sorangan. Ngadadak ceuceub ka bala-bala nu tadi magrib didaharna. Kapaksa nguniang. Muru pacilingan hiji-hijina, di sisi wahangan.

Sora sasatoan réang patémbalan. Bueuk nyoara ti lebah astana tonggoheun leuwi. Ras kajadian mangkukna. Jerit Bi Icih ngageunjleungkeun warga sakampung. Juljol. Patingbirigidig. Sawaréh narungkup irung. Ngarogrog mayit awéwé nu ngabubungkang kabawa palid. Nyisi gigireun seuseuhanna.

Keur jongjon ngaheujeun, kapireng nu nyikikik. Bréh. Aya nu ngajanteng luhureun cadas. Pakéanna bolokot ku getih. Panon nongtot, beungeut teu mangrupa. Buukna ngawidwid, ririaban katebak angin. Mencrong ka Mang Ohim nu keur calawak leungiteun pangacian.

Nyi Kunkun nyéréngéh. Némbongkeun sihungna nu ranggéténg. Gejebur! Luncat kana leuwi. Teu lila mucunghul deui bari ngajingjing lauk emas sagedé bitis. Sajorélat, manéhna geus émok dina batu démprak. Lapat-lapat kapireng gumerendeng. "Nawaitu shauma ghodin 'an adaai fardhi syahri romadhoona haadzihis sanati lillaahi ta'alaa," les ngahiang.