Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 12 Désémber 2013 09:50:19
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Désémber 2013 10:29
Haryandi Halim: " Assalamualaikum..sampurasun..nun. sim uing ngafikmin kedah kumahanya ang.?...."
Kemis, 21 Novémber 2013 21:13
Bu Ai Karlinawati: " Assalamualaikum..sampurasuuun...alhamdulillah sareng hatur nuhun paarantos diangken... ngiring bingah sareng reuueus ku ayana media ieu..mugia manjang salamina..tiasa ngabantos mendakan waleran nu aya patalina sareng..."
Rebo, 20 Novémber 2013 14:21
Kang Bibih: " Asa sepi buku..."
Salasa, 19 Novémber 2013 17:58
Hamdani Dani: " punten ari bade ngirimken hasil karya fikmin..."
Salasa, 29 Oktober 2013 23:44
Andreansyah Dwiwibowo: " punten, sim kuring nambut foto headerna,,, dipasang di cover fb sim..."
Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."

Du'a Nu Puasa

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 30 Juli 2013 13:05:04

Dulugdugdag. Dulag Saur ngadulugdag. Kuniang hudang. Cikopi ngebul sabekong. Lalawuhna goréng ulén. Karembu. Sangu haneut ngabagug. Lodéh waluh, gepuk sapi. Nyayagikeun nu rék saur. "Nun Gusti, najan saur sawaregna, pamugi ditampi saum abdi!"

Bray beurang. Kencling ka pagawéan. Rohangan gawé full AC. Ngadeluk ngahanca garapan. Dur lohor. Geuleuyeung ka masigit. Masjid beresih. Angin humiliwir. Saméang, ngaderes. Nyalsé. Tumaninah. Rérés lohor parat nepi ka asar. Neruskeun hanca nu katunda. "Nun Gusti, najan mentrang teu kasorang, halabhab teu karandapan, peurih patuangan teu marojéngja, pamugi ditampi saum abdi!"

Dur magrib. Ngabarak dahareun saméja. Sangu pulen ngebul kénéh. Opor hayam, pais nilem. Lalab gedang, sambel medok. Cangkaléng jeung kolek cau. Ngadago nu buka puasa. "Nun Gusti, najan buka sawaregna, pamugi ditampi saum abdi!"