Datang ka perpustakaan, manggih buku "Sandekala". Panasaran eusina, buku dibawa, dibaca, di mana-mana: di kamar, di jalan, di alun-alun, hareupeun toko, jero pasar, gigireun kios asinan, bari ngadagoan bérés balanjaan. Teu sadar, sandékala narabas dada. Ngagantung dina hate. Gulawang-gulawing. Gegedor. Ménta asup. Kuring, teu puguh rasa, balik ka imah, rap jékét, gaur ngahurungkeun motor, séak turun gunung, Panawangan, Kawali, Buniseui, Ciamis, néangan nu nyieun “Sandékala”. Hayang pangmarancahankeun. Susuganan inyana bisa. Datang ka Panoongan, ceuk urang dinya euweuh, deukeut stasion. Bius ka stasion, dituduhan peuntaseun rél kareta. Dipurupuy ngaruy, satengah lumpat, kuring anjog kahiji imah, sup ngolong gapura, meuntas cukang beureum, sihung barongsay mapag, calawak, molototan. Hayang geura gok, hayang geura gok, hayang geura miceun Sandekala. Ngan orokaya, nu nyieun “Sandékala” keur reureuh. Teu wasa ngaganggu, kuring nyongsoyod indit, mamawa “Sandékala”, na jero dada, masih ngagantung na haté, ngadagoran pantona, hayang asup. Jegurrrrr! Jegurrrr!!!!!!