Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 27 Juli 2013 01:10:24
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."
Kemis, 27 Juni 2013 14:29
Asep Nurjamin: " Hapunten, dupi koméntar anu dicatet lajeng dijumlah janten peperenian hiji fikminer téh, koméntar anu kumaha? Maksad téh, kumaha carana supados hiji koméntar kacatet? Hatur..."
Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"

Sirkuit

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 20 Juli 2013 13:57:16

"GAS pooolll..." Gorowok ti peuntaseun. Teu dilieuk. Panon museur ka tungtung jalan, 500 métér anggangna ti garis start. Lampu merkuri. "Kurang ti 10 detik, lima tihang keur Lebaran," ceuk Si Amang ngasongkeun lima lambaran beureum.

UNGGAL peuting nungguan nu mulang. Bati beuheung sosonggéteun. Norojolna téh geus deukeut ka waktu imsak bari siga nu lungsé pisan. "A, tong wengi teuing atuh ngabéngkél téh," cekéng. "Téréh Lebaran, seueur orderan," imutna.

"GAS pooolll..." Gorowok ti mana-mana. Bandéra start diangkat. Narik gas sataker kebek. Muru tungtung jalan. Ngan 500 métér anggangna ti garis start. "Lima tihangeun, taaahhh..." Si Amang ngan kadéngé sorana.

PEUTING ieu nungguan téh bari bébérés. Saged. Réngsé saur rék terus mudik ka lembur. Boncéngan. Momotoran siga jaman bobogohan. Peuting ieu Si Aa tutup béngkélna.

"GAS pooolll..." Nu ngagorowok geus ilang. Garis finis geus kaliwat. Kurang ti 10 detik. Lampu merkuri. Takbir. Luak-lieuk. Finis téh sosoranganan.