Saprak boga tatangga anyar anu imahna ngan kahalangan ku gang, Bi Inah jadi mindeng huleng jentul, jadi boga rasa sirik jeung kabita. Kajeueung mun Si Salakina rék miang ka kantor, Si Pamajikanana diciuman heula pipina, taarna, lambeyna, teu sirikna digaléntoran, matak resep nempona. Keur mah geulis tatangga awéwé téh. Atra da buruan pahareup-hareup. Dina hiji poé kabeneran bareng isuk-isuk miang ka kantor sewang-sewangan, kasaksian pisan ku Bi Inah jeung Mang Adang kumaha deudeuh-geugeutna éta tatangga éwé-salaki, silih rangkul, silih cium heula memeh papisah téh. Antukna pok Bi Inah ngaharéwos ka Mang Adang bari nyérangkeun tatanggana "Pa, ari Bapa teu kabita ningali paripolah tatangga urang? Meni peluk cium rék miang ka kantor téh. Bapa teu hoyong nurutan?” Mang Adang ngaharéwos deui bari panon teu lésot .”Sssstt, yeuh Mah, jujur wé Bapa ogé kabita pisan hayang nyiuman pamajikanana, ngan meureun Bapa dikadék ku salakina. Mamah téga kitu Bapa dikadék?”