Roni, ngaranna téh. Urang Cianjur. Duméh indungna pituin Cianjur. Da ari bapana mah asli Cirebon. Panggih di kantin kampus. Langganan. Sok galécok ngobrol. "Tos pundah-pindah damel téh. Di pabrik. Di kebon sawit. Minangka pangcocogna téh di dieu. Di restoran. Panginepan disayagikeun. Tuang ditangkes. Gajih téh beresih." Najan lulusan STM listrik ngarasa cocog di réstoran. Malah boga cita-cita. Mun mulang ka lembur hayang muka usaha réstoran. "Leukeunan. Ningkatkeun pangaweruh. Diajar komputer. Basa Inggris. Kudu resep maca. Meuli buku-buku resép masak. Ngumbara jauh ti lembur téh, kudu boga katerampilan tambahan!" Mun malem Minggu sok remen nelepon. "Kang ieu aya Baso yeuh, diantos!" Paribasana téh. Bari sakalian tunya-tanya diajar komputer. Lima taun kalarung. Cikénéh SMS. "Kang dihaturanan. Mugia kersa ngaluuhan 'soft opening' Rumah Makan Cép Roni, Jl. Kéan Santang 77, Bandung."