Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 12 Désémber 2013 09:50:19
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Désémber 2013 10:29
Haryandi Halim: " Assalamualaikum..sampurasun..nun. sim uing ngafikmin kedah kumahanya ang.?...."
Kemis, 21 Novémber 2013 21:13
Bu Ai Karlinawati: " Assalamualaikum..sampurasuuun...alhamdulillah sareng hatur nuhun paarantos diangken... ngiring bingah sareng reuueus ku ayana media ieu..mugia manjang salamina..tiasa ngabantos mendakan waleran nu aya patalina sareng..."
Rebo, 20 Novémber 2013 14:21
Kang Bibih: " Asa sepi buku..."
Salasa, 19 Novémber 2013 17:58
Hamdani Dani: " punten ari bade ngirimken hasil karya fikmin..."
Salasa, 29 Oktober 2013 23:44
Andreansyah Dwiwibowo: " punten, sim kuring nambut foto headerna,,, dipasang di cover fb sim..."
Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."

Pelak Cabé

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 14 Juli 2013 11:23:50

Kiriniiing ...! Ringtone klasik sora telepon puter ngirining. SMS. "Kang! Pelak cabé téh tos buahan. Leubeut. Bibitna kénging harita ti pasar. Dipelak dina pot beureum. Ray poé. Ti saprak Akang miang. Dicéboran siang-wengi. Sirungan. Daun anyar. Renung. Tingpelentis. Kembangan. Mayakpak bodas. Kiwari meuhpeuy. Tuh aya hiji nu beureum. Nganyaran. Nyéngcélak. Nenggang ti nu ngarora kénéh. Saé mun dipotrét. Éta geura kararanggé. Ngarayap. Ti daun ka daun. Kapan Akang sok resep motrét. Raos geura. Kanggo mencok kacang panjang. Pami mulang méméh lebaran. Resep geura. Kanggo ngarédok leunca, ngareuceuh bonténg. Céngékna, cabé Hiyung anyar metik. Matah seuhah. Ngajeletot. Céngék pangladana sa-Nusantara. Iraha mulang Kang? Cuang metik pelak cabé di pakarangan!"