Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 12 Désémber 2013 10:20:18
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Désémber 2013 10:29
Haryandi Halim: " Assalamualaikum..sampurasun..nun. sim uing ngafikmin kedah kumahanya ang.?...."
Kemis, 21 Novémber 2013 21:13
Bu Ai Karlinawati: " Assalamualaikum..sampurasuuun...alhamdulillah sareng hatur nuhun paarantos diangken... ngiring bingah sareng reuueus ku ayana media ieu..mugia manjang salamina..tiasa ngabantos mendakan waleran nu aya patalina sareng..."
Rebo, 20 Novémber 2013 14:21
Kang Bibih: " Asa sepi buku..."
Salasa, 19 Novémber 2013 17:58
Hamdani Dani: " punten ari bade ngirimken hasil karya fikmin..."
Salasa, 29 Oktober 2013 23:44
Andreansyah Dwiwibowo: " punten, sim kuring nambut foto headerna,,, dipasang di cover fb sim..."
Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."

Ngundeur!

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 12 Juli 2013 13:24:56

Gebeg. Kalabasan. Réngsé asar gogoléran. Alarm teu diaktifkeun. Sakeudeung deui manjing ka magrib. Gura-giru ka masigit. Geus rempeg. Hémpak. Jamaah 'buka bersama' arandekak. Sanyiruna-sanyiruna. Diriung ku opat-lima urang. Rét ka kénca! Ka katuhu! Pinuh. Taya lolongkrang. Mending magrib heula. Koloyong ka tempat wudu. Ngong adan. Sahéng nu balakéncrakan. Melenghir seungit 'Kari Ayam'. Sabot nungguan réngsé adan. Ngajengjen. Torojol Pa Arab. Nyéréngéh. Nanggeuy korma opat siki. Ngasong-ngasong. "Ta'jil brother! Ta'jil! Halal!" Keukeuh. Teu cukup ku gideug. Éléh déét. Kop sasiki. "Syukron!" Belewek. Empuk. Legit. Korma Madu. "Duh aya ku bagja ari ilaing Pa Arab. Ladang puasa aing sapoé jeput, bati méréngkélkeun peujit, pahalana ukur ditukeuran ku korma sasiki!"