Karét geulang bérés diuntun lima-lima. Mangrupa tambang. Panjang ngagebay. Iim jeung Nyai nyekel pageuh unggal tungtungna. Laju diayun-ayun. Untunan karét nu diayunkeun melengkung siga katumbiri. “Pluk…pluk…pluk!” Sorana ninggang taneuh. Idéh nungguan, ngadodoho waktuna nu pas. Jleng, untunan karét nu diayunkeun, dikolongan Idéh bari luncat. Luhur taneuh jadi beresih, katinggang untunan karét nu diayunkeun, kasapukeun. Nu ngolongan, luluncatan nuturkeun wirahma nu ngayun. Teu meunang balangah jeung elat luncat. Elat saeutik, bitis tandonna kajeprét.
Plak- pluk sora untunan karét silitémbalan jeung blag -blug suku ninggang taneuh. Untunan karét beuki gancang, beuki luhur diayunkeun. Nu luluncatan kabawakeun. Luluncatana beuki gancang, beuki luhur, ancul-anculan. Taneuh siga aya pérna.
“Jleng…pluk…blug…jleng…pluk…blug….” Diayun. Diluncatan. Kitu jeung kitu taya eureuna.
Nu ngayun katingali geus lungsé. Idéh can kénéh lasut, kalah beuki sumanget. Semu kesel, Iim jeung Nyai beuki ngagancangan deui ngayunkeun untunan karétna.
“Jleng…pluk…blug…jleng…pul…pul…pul…pul… puuulll…,”ngampul. Idéh mumbul. Jujul ka langit. Lila, teu kadéngé deui sora sukuna ninggang taneuh.