Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 12 Désémber 2013 10:10:18
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 01 Désémber 2013 10:29
Haryandi Halim: " Assalamualaikum..sampurasun..nun. sim uing ngafikmin kedah kumahanya ang.?...."
Kemis, 21 Novémber 2013 21:13
Bu Ai Karlinawati: " Assalamualaikum..sampurasuuun...alhamdulillah sareng hatur nuhun paarantos diangken... ngiring bingah sareng reuueus ku ayana media ieu..mugia manjang salamina..tiasa ngabantos mendakan waleran nu aya patalina sareng..."
Rebo, 20 Novémber 2013 14:21
Kang Bibih: " Asa sepi buku..."
Salasa, 19 Novémber 2013 17:58
Hamdani Dani: " punten ari bade ngirimken hasil karya fikmin..."
Salasa, 29 Oktober 2013 23:44
Andreansyah Dwiwibowo: " punten, sim kuring nambut foto headerna,,, dipasang di cover fb sim..."
Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."

Saur Munggaran

Kénging Ki Hasan
Dipidangkeun dina lapak 07 Juli 2013 09:42:56

Janari leutik pakpikpek di dapur. Cai asak ngebul. Meujeuhna keur ninyuh kopi. Karesep Abahna. Tara kaliwat. Saban Janari-Magrib ngarot kopi pait. Sangu pulen Pandan Wangi bulak-balik diakeul. Dieurihkeun kana ceting. Lodéh waluh Siem dituuskeun. Opor hayam kampung geus empuk. Melengseng ngabibita. Dulugdugdag-dulugdugdag. Hawar-hawar sora dulag. Sor mémérés méja makan. Katuhueun maneuh tempat Abahna. Beulah-kénca paragi si Panengah jeung si Bungsu. Si Cikal beulah-kulon papahareup. Cara sasari. Sapiring-sapiring dialasan. Citéh manis ngabagug dina poci. Laukna mah sapangaresepna. Nyiuk séwang-séwang. "Sok atuh geura salaur! Bisi kaburu Subuh. Tah dada mentona kasedep Tétéh! Ani sareng Adé mah resep jangjang sareng walikatna nya? Kanggo Abah mah ieu tah, pingpingna! Éta sayur lodéhna tah! Tong kaliwat!" Kohkol ngurulung ti musola. Ngong adan Subuh. Nu sujud cipruk juuh cisoca. Salat munfarid mangsa munggahan puasa.