Hujan ngaririncik. Can peuting teuing. Karék jam 19.30. Payung dicekel pageuh. Rét deui ka tukang. Jiga aya nu nuturkeun. Ngarandeg. “Saha?” Euweuh nu nembalan. Panona ngulincer. Ukur sora paralak cihujan nu maturan. Lebah gang sempit. Deg, ratug jajantung. Aya nu ngajanteng dituntung gang. Isukna, ramé dina unggal koran. “Wartawati diperkosa…!” Tukang koran nawarkeun dagangana. Di hiji rohangan, aya nu keur diperekpek ku pertanyaan. “Anjeun salingkuh?” Can kebat dijawab, geus kaluar deui omongan. “Anjeun gé, pan ngarasakeun ngeunahna?” Ceuk hiji sora bari seuri sinis. Ukur sora lambak nu awor dina dada. Laju séah angin nu mimitina laun narikan. Jadi angin puyuh. Rohangan burakrakan. Nu ngainterogasi kabawa angin. Sup, kana palangkakan. Rohangan simpé….*