Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Oktober 2013 00:50:14
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Pasti Urang

Kénging Taufik Faturohman
Dipidangkeun dina lapak 03 Juli 2013 07:17:56

Lampu bar geus dipareuman. Manehna dadaligdeugan muru lawang panto. Sirahna karasa lendeng, suku asa hese dilengkahkeun. Asa kakara mabok nepi ka ripuh kitu mah.
Gap kana pesak, neangan konci mobil.
"Ieu kitu konci mobil teh? Pasti, da konci imah mah apan saranggeuy, dihijikeun jeung konci gerbang," gerentesna.
Gura-giru muru tempat parkir. Rurat-reret neangan mobilna. Hareupeun sedan bodas, manehna ngarandeg.
"Ieu kitu mobil teh? Asa enya, da sidik warnana bodas," gerentesna deui.
Sup kana mobil, dius indit. Hareupeun hiji imah, mobil eureun.
"Ieu kitu imah teh? Ah, bener da sidik jalan Panglamunan nomer dalapan," gerentesna deui.
Kulutrak muka gerbang, sup mobil diasupkeun ka garasi. Capa-cipi kana pesakna neangan konci kamar.
"Tah ieu geuning. Moal salah, pasti ieu konci kamar mah da gantunganana beda," gerentesna.
Barang muka kamar, kasampak aya nu keur sare.
"Itu kitu pamajikan teh? Bener geuning pamajikan. Ari lalaki anu sare luhureunana pasti urang," gerentesna.