“Isukan mah ngalintar téh urang ka Cikandung waé, Jang. Turun di Palasah ka hilirkeun, hanjatna di Bantarhuni,” ceuk Wa Jumad. “Ka Bantarhunikeun mah leuwina jarero, Wa,” cékéng téh. “Numatak rék ngajak Mang Sadim jeung Mang Uha, duanana palika andelan. Engké mah urang ngéndong. Peutingna naheun langgé,” walon Wa Jumad.
Isukna wanci rumangsang, opatan ngupyak Cikandung. Waktu mulut tali heurap, génggéhék ting kécépék, burayak ting borélak. Sakapeung ngagogo, ngodokan sakur sodong sisi walungan. Sugan aya kokocol kacekel, lalawak katéwak. Ari dikupyak ku opatan mah, wanci lingsir ngulon lumayan mucekil hasilna. Seuweu tutup korang gé tangka nangkub. Sawaréh laukna dibeuleum, deungeun ngawadang.
Kajongjonan. Barang anjog ka leuwi Menyan, wanci geus sareupna. Leuwi karasa geueuman, kahieuman tatangkalan. Rérés uluk salam solat magrib, kapireng nu ting jorowok. Barang disampeurkeun, kasampak nu tiluan keur galungan jeung buaya. Gajleng! Kuring muru leuwi. Iteuk waregu warisan aki dibabukeun ka hulu buaya. “Tohobbaaaatt.....!” kapireng buaya ngagerung. Les ngaleungit.