Dihandapeun iuh-iuhna tangkal anggur. Nu minuhan hateup kafé. Bacharach sisi Walungan Rhein. Dibaturan kopi nu masih ngebul kénéh. Buku Viktor Hugo masih diranggeum. Nalika sarérétan aya ringkang nu mulangkeun panineungan. “Rini…” Geter biwir ngaharewoskeun ngaranna. Inget basa sarua bubulucun di sisi Walungan Cikapundung. Silih simbeuh. Harita, “Aa, Rini mah hoyong angkat ka nagari nu tebih.” Bari nangkeup tuur. Ayeuna, kuring aya didieu. Di nagari nu jauh ti Cikapundung. “Werden hier sitzen?” Sora nu meupeuskeun panineungan. “Rini…” Neuteup wanoja hareupeun….*