Bulan dikerekeb awun. Peuting mongkléng. Sora pating kedeprukna sapatu hawar-hawar ilang ka jauhna. Borobot! Dérédéd! Jelegur! Campuh sora perang patembalan dina lamping sisi lembur. Lenyap. “Engkang, mugia waluya…” harewosna. Hiuk angin ngaliceskeun damar, manéhna cunggelik sorangan. Wirid-wirid pamuntangan ka Gusti anu Mahasuci moncor tina sela-sela bilik, ngulayab simpé, ngelun ka langit. Gurinjal tina kandungan utun inji nu teu sabar hayang nempo caangna alam dunya. Hayang geura brol. Hayang geura bray beunta. “Sabar, Utun, tungguan heula bapa hidep mulang,” manéhna mépéndé bari ngusapan kandungan, buah haté ngalangkang dina lelembutan. Wanci rebun-rebun pakarangan reumis kénéh. Kembang tanjung mayak maluguran dipulungan hiji-hiji. Leketey, aya kedepruk sapatu deui. Ngadeukeutan. Ramohpoy, boa totondén. Anjog ka buruan. Layon salakina digotong ku limaan. Jumerit maratan langit. “Deudeuh teuing, Utun inji budak yatim, Bapa hidep mulang ngaran...” Huluwotan cimata nu ditahan sapeupeuting, rempag sapisan. Kembang tanjung meunang niiran, dikalungkeun kana pasaran, nganteur ka pajaratan. Kembang tanjung panineungan.