"Héh eurih! Naha manéh ngajangkungan? Uing téh sieun eunteup dina awak manéh nu luhur pisan. Nyeri dina labuhna."
"Teuing atuh ibun, da uing gé teu ménta jangkung ka Gusti. Uing mah ta'at rék dikukumaha ogé ku Nu Maha Kawasa mah. Teu boga hak pikeun jolédar, komo lamun ngarubah-rubah nu geus ditangtukeun ti ajali na mah."
"Ah, manéh mah so' alim. Usum kénéh wayah kieu ngomongkeun Gusti? Gusti nu mana? Nu ngajangjian sawarga kanu iman jeung ta'at ka Mantena? Atawa Gusti nu diparebutkeun kalobaan jalma nu ngarasa bener bari teu malapah gedang dina prosesi sabenerna nyembah ka Gusti?"
"Eurih, mémang. Ayeuna urang teu bisa kukumaha. Ngilu kalolobaan jalma gé teu bisa jadi ukuran. Ninggali konsér dangdut jeung acara pangajian, da gening loba kénéh nu kana dangdutan. Teu ngarti ku jaman ayeuna. Geus ah, panon poé geus ngaluhuran, uing rék balik heula ka awan."