Peuting. Réhé comrék. Dibaturan sora sato peuting. Beuki geueuman. “Ema..” Sora nu sasambat ditengah imah. “Apa…” Nu geus eweuh disambat. “Istigfar, Ma!” Anakna nomporkeun kana ceuli indungna. Jep deui jempling. Sora renghapna dibarung ku ngorok lebah tikorona. Nu kemit kagareuwahkeun. “Tong ayeuna! Embung milu ayeuna…” Panona molotot. Lalar liwat dina tungtung titingaliana. Sawah, kebon, imah. Ukur samping kebat pangrurub layona… *