Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Juni 2013 00:50:19
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"
Senén, 03 Juni 2013 00:59
Ade Iwox: " assalamualaikum.. sampurasun, daramang sadayana..."
Saptu, 01 Juni 2013 21:22
Dharmawan Toh: " Sampurasun, neupangkeun simkuring ti Bandung palay langkung uninga perkawis budaya sunda dina ieu..."
Jumaah, 31 Méi 2013 19:40
Ai Halimah: " Alhamdulilah di lapak fbs pribados tiasa di ajar nyerat nu leres, sareng silaturahmi sareng kanca nnu..."
Jumaah, 31 Méi 2013 10:04
Gunawan Sejati: " Sampurasun...Punten bade unjuk tumaros perkawis kintunan karya simkuring nu kantos di kintun ka grup Fikmin aya kana dua tiluna , naha aya dokumentasina di rohangan ieu kitu..."

Oportunis

Kénging Manik Sundayana
Dipidangkeun dina lapak 31 Méi 2013 23:54:56

"Hayang euceu gé nulis fikmin, ngan geuning teu babari nya." Ceuk Ceu Tuti bari jongjon ngusapan ucing kameumeutna.

"Kudu sering macaan karya batur heula sigana, Ceu. Sugan lila-lila resep. Tina resep jadi wani nulis. Su'al kualitét mah da nuturkeun. Jeungna deui tangtu aya nu ngawarah tinu geus moyan." Jang Dudung mairan.

"Nyaéta ari resep mah enggeus. Ngan kawani rumasa can aya. Kitulah, da béda meureun nulis fikmin jeung ngawangkong langsung siga kieu mah. Nya saheulaanan keun wé Euceu mah ukur jadi pamaca." Walon Ceu Tuti.

Kusiwel Jang Dudung ngaluarkeun hénpon, sigana mah rék onlén. Di kamar Nyi Neni ngagelenyu. Paguneman indung jeung emangna geuwat dijieun fikmin.