Nu lungkawing matak lewang panineungan. Bau amis mokla makalangan, jadi pulas kahariwang. Awak ngaraga meneng. Cunduk waktu ninggang mangsa. Aya simponi ngalagena, 'fur Elise' mangrupa kembang tujuh rupa. Mawa lelembutan ngawang-ngawang, ngaliwatan rupa-rupa sajarah. Ukur seuri maur, barang gok ka hiji mangsa. Pinuh ku sumiratna panon poé nu ngintip dina sela-sela méga dibeulah wétan. Nyampak dua kalangkang ngahiji silih rangkul. Ngaitkeun kasono. Jeung hawa maluguran lir cika-cika dina warna katumbiri. Teu maliré nu nyuruwuk mawa tatit. Lain wayah. Meulah kalangkang. Cipanon ukur muntang ka cihujan. Nu mawa ka mangsa lianna. Ngoléang ka hiji rohangan, bodas. Molongpong. Tanpa wates. Cunduk waktu ninggang mangsa. Angin marengan awak nu ragrag ka lamping nu lungkawing. Gugupay ka langit. Ngeukeupan kembang tujuh rupa. Bau amis mokla makalangan.