Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Juni 2013 00:00:21
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"
Senén, 03 Juni 2013 00:59
Ade Iwox: " assalamualaikum.. sampurasun, daramang sadayana..."
Saptu, 01 Juni 2013 21:22
Dharmawan Toh: " Sampurasun, neupangkeun simkuring ti Bandung palay langkung uninga perkawis budaya sunda dina ieu..."
Jumaah, 31 Méi 2013 19:40
Ai Halimah: " Alhamdulilah di lapak fbs pribados tiasa di ajar nyerat nu leres, sareng silaturahmi sareng kanca nnu..."
Jumaah, 31 Méi 2013 10:04
Gunawan Sejati: " Sampurasun...Punten bade unjuk tumaros perkawis kintunan karya simkuring nu kantos di kintun ka grup Fikmin aya kana dua tiluna , naha aya dokumentasina di rohangan ieu kitu..."

Hujan

Kénging Manik Sundayana
Dipidangkeun dina lapak 30 Méi 2013 16:57:28

Nyi Ipah mukaan koran, meunang hujan warta. Koran dibalangkeun, cetrék ngahirupkeun tipi. Inyana meunang hujan hiburan, gosip, warta, jeung iklan. Sajongjongan lalajo sinetron. Lain ngabandungan caritana tapi ngimeutan aktor-aktor lalakina nu gandang siga nu nulis ieu fikmin. Gosip tah tangtu, moal aya nu percaya. Teu lila tipi dipaéhan.

Ngalamun teu puguh nu dilamun, paneuteupna amprok jeung laptop. Dihirupkeun terus login ka Facebook. Meunang hujan deui waé, hujan status jeung komén. Nyi Ipah gegelenyuan sorangan, sakapeung jebi, sakapeung kerung, belenyéh deui.

Rada lila manco dina Facebook, Nyi Ipah anteng bari lalangiran. Sakapeung gagaro kana cangkéngna. Langit mimiti angkeub pihujaneun, katingali tina kaca jandela. Gura-giru Nyi Ipah kaluar ngajaitan popoéan. Gebrét hujan turun, inyana manco deui dina Facebook. Tuluy nulis status nu unina : Hujan.

Ngan sakitu-kituna éta status téh. Itung-itung bébéja ka dunya yén di wewengkonna keur hujan.