Kota nu geus jadi ruruntuk. Katempo tina mangpirang gedong nu tinggal tembok rujad. Der, ka impleng kumaha lalakon paéh. Engké bakal pikumahaeun dihirupkeun deui. Jelegér, sora handaruan alatan tatit dina puhu ceuli. Saratus taun, dipaéhkeun. Culang cileung jiga karék hudang saré beurang. Nalika dihirupkeun deui. Rét, kana lalawuh nu masih ngajugrug na luhur méja. Cikopi nu masih haneut kénéh. “Naha enya kuring paéh?” Geremet haté-na. Muka lawang panto. Katempo tulang taléng kuda-na. “Masih cangcaya?” Aya sora teuing timana boa. Tulang taléng carengkat, diembohan ku napelna deui daging-dagingna. Hibarkeun ka madhab papat. Pikeun nu percaya….*