Tep..tep..tep.. sora léngkah antaré naker, ngawirahma jeung detak jam dingding nu ngabedega dijuru ruangan ieu. Leungeun tipepereket nyekel péso. Tinggurilap katinggang ku cahya bulan, nu ngintip dina sela-sela jandéla nu masih muka. Geleber, angin ngahiuk nyingraykeun hordéng, mawa tiis jeung nyelesep kahariwang nu eunteup dina rasa. Tingsariak. Awak ngeleter néang kakuatan dina simpé. Reg, eureun hareupeun panto kamar. Panon ngadadak hurung pinuh ku seuneu, mawurkeun silalatu nu jadi cihujan di jero ruangan, nu ngahéab pinuh kaceuceub. Brak, panto kamar dibuka satarikna. Anjeun ngoréjat. Tibuburanjat néang panutup raga. Ngoléséd kanu simbut nu paburantak. Panon molotot, soak, pinuh kasieun. Pias saawak-awak. Teu walakaya dina kakawasaan rajapati. Kuring anteng nyekel péso. Ngulinkeun tungtung péso dina beuheung anjeun. Tuluy kanu dada anjeun. Eureun palebah jajantung. Hawa beuki beurat, mawa kesumat. Anjeun pasrah. Kuring nyium biwir anjeun nu hapa. Bres, péso nembus jajantung. Hawa jadi beureum burahay. Lalangit kamar muter jiga gangsing. Nembus kala. Ka alam kasmaran Anjeun jeung manehna.