Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 18 Oktober 2013 02:50:17
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Gering [Hapus]

Kénging Mochamad Ziaulhaq
Dipidangkeun dina lapak 17 April 2013 08:58:23

Ngahariring nu gering, hésé hudang dék tunggang gunung, mérésan sagala kahayang. Bari ngahaleuang tembang omong kosong. Nyarita bangsa siloka, réa eusi pituduh jangji, mega malang panglawungan. Éndahna kahayang.
"Pilih kuring. Pilih aing. Pilihan silaing ka kaula." Nu Gering harééng soré-soré, bari nancebkeun banner, ngejréng kasinar panonpoé pasosoré.
Nu Gering keur anteng mulangkeun kuring ka kuring, siga medal ti sawarga loka, nangtung di tengah m éga malang, "Kuring anti korupsi. Kuring bakal bersih mingpin nagri."
Taya jalma nu punjul, ukur paribasa nu dibolak-balik ku manusa. Leuwih naon kurang naon, ngan jadi paurang-urang.
Poé geus pabeubeurang, "Pa énggal gugah, itu saur urang sebrang kedah ditransper kasaha?"
"Heug atuh!" Hudang. Nu Gering angger nembang, ngigelan kahayang.