Disérénkeun ka gunung. Gideug. Kitu deui waktu disérénkeun ka langit. Kuatka kéképésan. “Tong ka abdi, teu kiat!” Bari sarumujud. Ajrih. Nu cindekul handapeun tangkal, ngan mulak malik barang nu karék ditampa. Semu teu ngarti. “Naha ka kuring?” Geremet haténa. “Wayahna…” Walerana. Beuki kadieu, barang diparebutkeun. “Nu aing, nu asli mah! Nu sia mah palsu! Kafiiiiirrr…” silih corowok. Manusa beuki bingung, teu puguh cecekelan. Gulawing, tambang ti alak paul. “Geura maruntang kadieu!” Sor, séah angin kana pameunteu. Tiis. “Geus disawarga?” Rungah ringeuh… *