"Janten.., sanajan 'mung' janten Ibu rumah tangga, teu ngiring
ngabantosan carogé nyiar kipayah, teu kedah hariwang !
Sabab Alloh baris ngaganjar pahala nu manglipet-lipet lobana
ka tiap nu dipidamel ku ibu-ibu dina ngurus rumah tangga...
Kahartos Ibu-ibu ?"
Ustad reureuh sakeudeungan. Ibu-ibu tingkecewis, silih rérét.
Tuluy unggut-unggutan. Reueus ka dirina séwang-séwangan.
"Dawuh Rosululloh, sing saha baé indung nu cicing di imah turta
ngurus anak-anakna, baris marengan kami cicing di Sawarga.
Tuh! Rosul gé tos ngajamin. Janten tong hawatos nya Ibu-ibu !
Sok, saha nu badé ngiring ka Sawarga ? Aya henteu nu alim ?
Nu hoyong cik ngacung.."
Ibu-ibu réang, tuluy pada-pada ngacung, paluhur-luhur. Iwal saurang.
Jiga nu bingung. Ngarénghap bari tungkul.
"Ibu, kunaon teu ngacung ? Teu hoyong kitu ngiring ka sawarga ?"
Ustad kerung. Si Ibu jiga nu baluweng. Ras, inget ka anakna di imah.
"Pak Ustad, émang badé angkatna ayeuna ?"