Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Ditungguan Siah Nepika Iraha OgÉ

Kénging Dédén Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 25 Maret 2013 18:34:24

HAYANG nyamber sukuna. Rék dilaan sapatuna. Rék dipaksa sina diuk dina bangku shélter. Basa manéhna turun tina beus kota. Tapi nu kasamber ku mata ngan borélak dua bitis nu lempay. Ngaléngkah muru ngulon. Jeung sorot panon nurih ati. Nyaan. Ati uing. Tapi ti harita can kungsi némbongan deui. Sanajan ti isuk jedur nepika soré jedér ditungguan. Hayang tepung deui jeung bitisna, éh jeung manéhna. Hayang nyamber sukuna. Rék dilaan sapatuna. Rék dipaksa sina diuk dina bangku shélter. Sapoé. Dua poé. Saminggu. Sabulan. Ampir sataun basa dua bitis nu lempay téh turun tina beus kota. Nyaan, langsung disamber sukuna. Dilaan sapatuna. Manéhna gogoakan. Ajrét-ajrétan. Jalma-jalma séah, ngarejengan uing. Buk-bek. Getih ngaley tina biwir. Tina irung. Tina ceuli. Tina mata. Tapi sapatu manéhna pageuh dikeukeuweuk. Teu lésot.

Di juru shélter. Manéhna diuk dina bangku bari neuteup leleb. Gigireunana. Uing anteng ngagulang-gapér sapatu manéhna. Disemir. Tangka leucir. Ngaborélak. Siga dua bitis anu lempay.