Peuting terus ngulisik néang panyawangan. Kakangen ukur dihariringkeun simpé. Lain wayah geuning, ieu kaasih dipelakeun sakitu tohagana, ka jomantara haté. Imut anjeun bet nguyumbang sabada hujan peuting kamari. Nalimbeng rasa ku sorot panon nu pinuh kasono. Hhmm, ukur reunghap nu nurih jajantung. Katugenah dumadak meulit lalangit diri. Rumasa kabulusan saméméh aya hujan, saméméh aya ibun. Tapi anjeun anteng huhujanan, teu melang, teu ringrang. Tuluy mapay katrésna nu jadi cika-cika dina mokla nu ngabayabah jadi impénan. Peuting terus ngulisik, ngarungkup sagala harepan. Kuring nunutur bulan nu tuluy maju dina rangkulan halimun. Mapay imut jeung séahna pameunteu anjeun. Nu nyalangkrung kana waktu nu lain wayah.