Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 17 Oktober 2013 22:40:16
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 04 Oktober 2013 10:47
Deni Prayoga: " Assalamualaikum, hatur nuhun sateuacanna ,, punten bade tumaros upami bade uplod fikmin kumaha carana,naha di posting di grup Facebook atanapi tiasa di web ieu ..? abdi tos nyobi join group fiksi mini basa sunda pamugi tiasa saenggalana di confirm.. hatur..."
Kemis, 03 Oktober 2013 16:17
Heni Nuraeni Huzein: " Punten,kumaha carana Fikmin abdi tiasa katingal dinu web,teras naha badé noong komentar teu tiasa aya nu tiasa ngabantos ....hatur..."
Saptu, 21 Séptémber 2013 18:47
Andiany A. Matahari: " Assalamualaikum wr. Wb.... Salam pangwanoh.. Hatur nuhuuun kana panganken..."
Jumaah, 06 Séptémber 2013 21:42
Syihabudin Syihab: " Assalamu'alaikum...Sampurasun...nepangkeun salam pangwanoh...hatur nuhun kana pangangken..."
Senén, 26 Agustus 2013 00:29
N'da Kamandanu: " Assalam muallaikum ..sampurasun ampun paralun....haturnuhun tos di angkeun.....mugi gusti nangtayungan urang balarea... Salam pangwanoh ti..."
Jumaah, 26 Juli 2013 11:41
De Sopandi: " Assalamualaikum wr wb.... hatur nuhun kana pangangkenan...mudah- mudahn janten amal nusae pikeun urang..."
Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."

Gentong Panyambungan

Kénging Puri Kania Pramanik War
Dipidangkeun dina lapak 27 Fébruari 2013 08:51:05

Bada hajatan, manéhna geuwat murak gentong panyambungan, eusina dikaluarkeun, amplop ditambrukeun, hiji-hiji dibuka. Ti unggal RT dicatet hayang nyaho aya sabaraha puluh nu nyambungannana. Kacida bungahna basa ti RT manéhna sorangan nu nyambungan kacida lobana. Tapi basa nempo catetan ti RT séjén, manéhna ngahuleng, asa saeutik nu nyambungan téh.
“Boa-boa nu nyarambungan loba ka musuh aing nu sarua keur hajat….” Gerendengna, paromanna katempo ngadadak pias. “Beu, gentong panyambungan aing bet kajegal di tengah jalan, aing kudu geuwat maluruh, kunaon nu nyarambungan bet loba ka satru kabuyutan aing….”
Gap kana HPna, laju nelepon sobat-sobatna, sangkan maluruh kunaon nu diarondang bet saeutik nu datang pikeun nyambungan ka manéhna.
“Aing can percaya, kunaon gentong aing bet bocor, jigana aya nu teu bérés….” Gerendengna deui bari meubeutkeun awakna kana korsi empukna.