Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Syahrazadé

Kénging Azie Nasrullah
Dipidangkeun dina lapak 19 Fébruari 2013 19:28:24

Karajaan jadi keueung ti harita. Basa permaisuri raja kapanggih midua. Raja Syahrir, anu arip bijaksana jadi murka taya muliana. Karajaan nambru dina péta nusantara. Wibawa kahurmatan pabalatak di nagri malarat. Ekonomi nu jadi kakuatan runtuh nepika akar-akarna. Raja raheut hatena, digulung kabingung, binasa jadi panungtung. Pajabat lain ditugaskeun ngurus karajaan. Hiji-hijina paréntah nyaéta kudu néangan parawan ti rahayat pikeun dijadikeun permaisuri. Kudu awéwé geulis taya cacat pisik atawa cacat séjénna. Sing saha anu ngahalangan moal aya ampun langsung ditéwak, diparabkeun ka méong. Dijadikeun permaisuri keur sapeutingeun, isuk-isukna digusur ku algojo. Dipancung. Cenah keur ngubaran nyeri haté. Syahrazadé teu téga ninggali kaayaan kitu. Niat rék nyieun siasat pikeun ngeureunan kabiasaan raja. Nawarkeun diri. Raja molotot ninggali Syahrazadé. Putri teu ngalawan, basa raja ngalampiaskeun napsuna. Tina kondé, nyabut paku. Raja ditangkeup pageuh, api-api ngalayanan. Itungan katilu. Leungit rénghap anu bejat. Ilang cabak leungeun biadab. Putri Syahrazadé, nguntun hordéng, dicangreudkeun kana tihang jandéla.