Update: 06 Agustus 2016 02:59:25
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 19 Maret 2017 16:02
Yusuf S. Martawidénda: " Naha akun sim kuring dina web ieu janten aya dua. Nu hiji namina : Yusuf S Martawidenda Nun hiji deui namina : Yusuf S. Martawidénda nu hiji teu ngangge curek. Nuhiji deui ngangge curek dina e-na. TAPI NU LENGKEP DATA PROFILNA AKUN NU E-NA TEU NGANGGE CUREK HATUR..."
Salasa, 14 Maret 2017 16:22
Abdul Haris: " Alhamdulillah, kotrétan téh, tiasa katawis deui dina web. Hatur nuhun, Kang Dan...."
Kemis, 16 Fébruari 2017 12:29
Hamim Wiramihardja Coèlho: " Naha sesah geuningan bade ngeusian profil teh......."
Senén, 16 Januari 2017 06:47
Kang Mohen: " Sampurasuun..."
Ahad, 08 Januari 2017 23:29
Roni Rohendi: " Assalamualaikum, ngiring ngaderes palih..."
Rebo, 04 Januari 2017 07:41
Aris Siswanto: " ..."
Rebo, 04 Januari 2017 03:02
Elan Sudjanamihardja: " datang katimgal tarang tea meureun nya. nya bade ngiringan didieu yeuh da geuning ari nyiar pangarti mah tue aya watesna, boh umur atanapi tempat, sugan we aya paedah sareng mangpaatna. sim kuring ti aachen, jerman watesan ka walanda sareng belgia, elan sudjanamihardja, ari di aachen mah barudak mahasiswa nyarebatna..."
Ahad, 01 Januari 2017 22:33
Ridwan Melodian Plain: " Sampurasun..."

Namina TÉtÉh

Kénging Dédén Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 06 Fébruari 2013 18:50:25

POSISI téh ukur purah nganteurkeun surat. Tugas énténg, tapi bangga. Sabab teu meunang salah sok. Ngan opat surat dina saminggu. Keur Mamah, Ibu, Bunda, jeung Tétéh. Sadayana garwa Apa. Senén, Salasa, Rebo, jeung Kemis. Matuh. Tara robah-robah. Lamun surat geus dianteurkeun poé éta, hartina poé éta giliran disumpingan ku Apa. Tétéh téh garwa Apa nu pangsepuhna. Garwa-garwa anu sanés nyebutna Tétéh. Karék néma ka Mamah jeung Ibu. Bunda mah garwa Apa panganomna, umurna gé karék wewelasan. Hiji waktos Apa nyaur, "Anteurkeun surat ka Tétéh!" Rada ngarengkog sabab harita téh poé Senén. Lain giliran. Tapi da Apa mah tara lepat. Jadi, moal méré paréntah ngaduakalian. Nya jung wé mangkat ngajugjug bumi Tétéh. Tapi suwung. Pasti Tétéh nuju teu aya, da nyangkana lain waktu giliran. Keketrok. Kukurilingan. Angger teu aya. Panasaran. Mukakeun panto, geuning teu dikonci. Sup. Gok. Bréh. Serrr! Kasampak Tétéh nuju nyacaka. Socana nyorot burahay. Bijil buntut bijil tanduk.