Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 27 Oktober 2014 12:30:13
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Salasa, 30 Séptémber 2014 00:41
Rubi'ah Adawiah: " assalamu'alaikum warahmatullah kularwargi sadaya, resep pisan ningal blog-na. eusina rupi-rupi anu janteun pangaweruh, mugia ngajanteukeun barokah tina elmu anu tiasa kamangpaatkeun. Aamiin..."
Kemis, 21 Agustus 2014 08:23
Intan Permata: " Asa lebet ka kebon kembang warna..."
Saptu, 16 Agustus 2014 12:32
Iwan Nurdiansyah: " betah, nambahan pangaweruh, utamina basa nu buhun, nu murwakanti, nu ngandung siloka,..."
Jumaah, 15 Agustus 2014 09:57
Dharma Lesmana: " Hoyong ngitun artikel, kamana..."
Kemis, 14 Agustus 2014 09:06
Alex Hasan Sapari: " Assalaamu'alaikum... Sampurasun...! Kalintang bingahna sim kuring tiasa gabung di grup FBS ieu. Aya sakedik pamundut; Rumaos bodo kana basa luluhur téh, utamina mah perkawis Undak Usuk Basa sareng cara ngalarapkeunana. Rupina upami di Tepas Fikmin ieu--di sagédéngeun Kamus Basa Sunda--di-postingkeun Undak Usuk Basa, tangtosna Tepas Fikmin téh janten langkung sampurna. Hatur..."
Rebo, 13 Agustus 2014 12:09
Aliayachoer: " ..."
Rebo, 25 Juni 2014 10:15
Mang Eboed: " Naha teu tiasa muka..."
Kemis, 12 Juni 2014 11:48
Ifunk Anker Karindink: " Assalamualaikum, wilujeng wayah kieu..."

Jubah Goni

Kénging Rudi Alfajri
Dipidangkeun dina lapak 03 Fébruari 2013 19:00:29

Pendopo Kadaton, heurin ku para inohong Nagri Aisénodné . Hémpak merbayaksa, nganti Ingkang Prabu, Raja Imron Al-Manar. Nu dianti jebul ti pipir, dipirig ku gending kebo jiro. Gék dina korsi gading gilang kancana. Pok ngandika, “Aya naon ieu téh, asa rariweuh teuing!” Salah saurang inohong gasik ngébréhkeun pamaksudan. Ceuk pamadegan maranéhna sagala nu dipilampah ku Raja Imron teu saluyu jeung cita-cita révolusi. Salah sahijina, raja teu meunang midunya.
Mireng kitu, Raja Imron bendu. “Kula maké papakéan alus lain alatan midunya. Istuning diniatan kusabab embung ngahinakeun nagri jeung Gusti. Bisi teu percaya ieu buktina!” Tatag, laju nyingkabkeun bajuna. Bréh, jeroeun jubah sutra kayas, katémbong baju goni. Mangratus-ratus tumbila nyayang dina sesela, mararontok. Katingal kulit leungeun Raja bareureum, kawas urut dicoco tumbila. Sakabéh inohong hookeun, tuluy marulang.
Raja Imron muru pangkéng, séja leleson. Baju goni dilaan, jeroeunana katénjo jubah sutra héjo.
Jol, saurang dokter karaton nyampeurkeun, “Waktosna ngaleueut landong, nun…,” bari ngasongkeun ubar rajasinga.

Komentar (25)

Jonny Taurus
Halaahh ..leuwih parna ningan !!
Godi Suwarna
:"Eduuun, Aaaang...! Muantaaaf fikminna...! Siiip dekh...!"
Rudi Alfajri
Ang Jonny : Yaktos Ang, aya paribasa "Power tends to corrupt" saurna teh... hehehe Nuhun kana kamandangna Ang. Wiljeng Wengi.
Rudi Alfajri
Ang Perbu Godi Suwarna : Bingah disumpingan ku Ang Perbu. Hatur nuhun. Mung eta muji bae, abdi janten isin, rumaso tagtegtog keneh, nyuhunkeun pangapingna, hehehe... Wilujeng Wengi Ang.
Edi Supriyadi
Jero ieu mah ....
Godi Suwarna
:"Jiiih, nya kedah naeun deui nu didugikeun ku sim uing? Da fikminna tos heded pisan. Mangrupi kiritik sosial nu pohara tarikna, tapi teu karaos vulgar da dibungkus dina lalakon wanda dongeng aheng nu matak pogot macana..! Kantenan waktos dugi kana pungkasanana nu sakitu 'ngajelegurna.' Tegep, Ang..! Nyaan..!"
Rudi Alfajri
Ang Edi Supriyadi : Fikmin basajan Ang... Nyanggakeun pamugi ka manah. Nuhun Wilujeng wengi.
Edi Supriyadi
Fikminna basajan.... pesan moralna nu teu basajan... kitu numutkeun sim uingah...
Rudi Alfajri
Ang Perbu Godi Suwarna : Nuhun pisan, pami kamanah mah.
Nasrul Jatnika
"Nlalaktak jeung lantip. Eta ku nami Imron Al Manar oge pun uing geus rada curiga, boa-boa kadinya leokna. Aipek teh jelegur-jelegur..tungtungna matak ngadangheuak. Petingan pisan ieu mah. Geura...(y) (y) (y) (y).."
Iwan Hanjuang
Weis asa lalajo teater contemporer pisan ieu mah, jero pisan teu siga sandiwara konpensional, tegep hebring lah, bring...bring.. bring back my bonny to me.
Abah Aleeva
Odep lah.....
Rudi Alfajri
Ang Haji Jatnika : Katebak bae ku Ang Haj mah, asa buni nyumputkeun teh... Kapayuna cuang sing buni pisan ah... hehehehe. Nuhun Ang, halah eta jempol kotka ngantay, katampi pisan keun cuang diangeun sop dicampur sareng suung moal burung raos Ang, hahaha. Wilujeng wengi.
Rudi Alfajri
Apih Iwan : Nyanggakeun, pamugi kamanah ku Apih, fikmin basajan simuing. Hehehe. Nuhun.
Rudi Alfajri
Ang Abah Aleeva : Hatur nuhun Ang, nyanggakeun. wilujeng wengi.
Gaus Firdaus
Eduuun!
Bibeh Nubaheula
Saé pisan eta lalakon, ck ck ck.. Virus HIV gé moal teu ngancik tah dina dirina. (Y)(Y)(Y)(Y)
Abah Sarjang
Weiiis... Keren Ang..! Realis pisan. Ngebrehkeun kaayaan nu karandapan, nepikeun kritik ku carita nu edun. Realita nagara urang. Siiip! Jempol satelebug!
Cheche Isma Hartanto
Beu Meni Mantap.
Rudi Alfajri
Ang Gaus : Halah isintenan disebab sae ku Ang Perbu. Rumaos dipereban keneh nu, nyuhunken pangapingna we ti salira. Hatur nuhun.
Rudi Alfajri
Ang Bibih Nubaheula : Nuhun Ang, yaktos pisan tateh, sadaya virus tangtos nyampak dianjeuna. Hehehe
Rudi Alfajri
Ang Perb Abah Sarjang : Nuhun Ang, manawi ieu teh hoyongna mah mikmin surealis, mung sesah geuningan, hehehe ... Katampi jempolna, pamugi sing kagentosan deui. Nuhuuun
Rudi Alfajri
Ang Cheche : Nuhun kamandangna, rumaos tagtegtog keneh. Hehehe
Mahpudin
Jurus, mesek bawang.. di jero kulitna aya kulit deui.... Edddduuunnn.... (Y) (Y) (Y)
Rudi Alfajri
Ang Apoedy Sarah Ihsan : Jurus Masterchef panginten nya Ang? Hehehe. Nuhun Pangersa...