Saacan indungna maot, manéhna dibéré buku. Buku catetan poéan pulas kayas. Sangkan jadi batur carita, cenah. Kamamana éta buku dibawa. Unggal balik sakola ku manéhna sok dieusian, bari ceurik. Tuluy basa buku éta geus pinuh, geuwat ku manéhna dikedokan, bentuk kukupu. Alus pisan. “ Duh buku hampura, lambar – lambar anjeun anu beresih dieusian ku carita – carita anu pidorakaeun wungkul. Kapaksa kuring kieu, da hayang sakola jeung nyakolakeun adi. Oh enya, ngahaja anjeun dikedokan téh. Sangkan jadi ciri kuring téh éra jadi kieu. Tong hariwang, anjeun mah tetep beresih, tetep éndah lir ibarat kukupu. Tapi lain kukupu siga kuring, anu sok kaluar unggal peuting” pokna bari nyusutan cipanon anu ragrag kana kedok.