Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 22 Juli 2013 12:20:20
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Ahad, 14 Juli 2013 19:12
Nyai Endit: " Baraya FBS, salira tiasa oge ngagabung di lapak nu aya di facebook. Ieu alamatna: http://www.facebook.com/groups/fikminsunda/ Atuh nu hoyong katingal karyana, eusian heula data salira. Carana: saparantos log in ka dieu, teras paluruh jenengan salira. Kitu (asana..."
Kemis, 11 Juli 2013 12:29
Teh Ning: " assalamu alaikum..sampurasun..kumaha ieu teh, formuliurna teu kapendak..."
Kemis, 27 Juni 2013 14:29
Asep Nurjamin: " Hapunten, dupi koméntar anu dicatet lajeng dijumlah janten peperenian hiji fikminer téh, koméntar anu kumaha? Maksad téh, kumaha carana supados hiji koméntar kacatet? Hatur..."
Rebo, 12 Juni 2013 05:38
Hendra Raira Purnama: " hatur nuhun tiasa diangken, nepangkeun sim kuring ti cianjur, mung neda sihapunten saupami arang ngalongok margi di leuweung mah sesah sinyal neng inetna,,,, salam pangwanoh ka sadayana,,,, hurip..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:47
J Jaenal Arif: " assalamualaikum wr wb,nepangkeun sim kuring ti karawang hyong silaturahim sareng baraya..."
Salasa, 11 Juni 2013 19:46
Opik Tobas: " ..."
Jumaah, 07 Juni 2013 12:00
CieAmbu Hoyongjanten Kuwu: " assalamalaikum......aduh....hampunten..sim abdi bingung,,formulirna teu aya wae......"
Senén, 03 Juni 2013 00:59
Ade Iwox: " assalamualaikum.. sampurasun, daramang sadayana..."

SeprÉ

Kénging Deden Abdul Aziz
Dipidangkeun dina lapak 28 Désémber 2012 08:13:00

DUA kali Marti mémérés sepré. Asa kusut waé. Asa teu bérés waé. Nu katilu kali. Ngajanteng heula. Nyérangkeun eusi kamar. Buku. Asbak. Kuntung. Kondom. Haté jeung eusi sirah nu pabalatak. Minuhan kamar. Lalaunan Marti ngaléngkah. Balik deui. Mémérés deui sepré. Buku. Asbak. Kuntung. Kondom. Haté jeung eusi sirah nu pabalatak. Diasup-asupkeun kana tempatna. "Mung ka Anjeun abdi sinembah. Gusti. Gustiii!"

Komentar (50)

Godi Suwarna
:"Halaah, yaktos beberes sareng 'beberes' teh sok matak bingung. Kalan-kalan ngan ukur bisa ngajanteng. Hareugeueun. Gustiii. Gustiii.."
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu
sanés "Sepré" hartosna ukur tlam kasur, tapi ngandung hartos nu jero...ngajak nyaliksik diri
Nazarudin Azhar
Sepre tilam sare, tilam pangipukan sakur impian. Buku, asbak, kuntung, kondom...grafik kahirupan, hate jeung eusi sirah tujul kana kasadaran... muter-muir-mulang ka panginditan, dina sepre nu teu weleh kusut, nu asa teu beres wae... Gustiii....
Apoedy Sarah Ihsan
Haruuuhh.. muhun kedah balik deui kana tempatna sewang-sewangan komo eusi sirah mah... hiks...
Muhammad Shohiba Nu'man
Waw! Fikmin heureut. Tapi asa maos dua balikan. Asa dua kali meresan. Gustiii... Poooool!
Deden Abdul Aziz
Godi Suwarna: Uhun, Kang Prab, ieu ogé fikmin ladang bébérés. Kakarén saémbara aya 13 kecap bahan nu tiasa didamel pibahaneun kanggo fikmin. Ku pun yayi diécér hiji-hiji janten judul (sareng téma). Dikawitan ku kecap sepré nu jol melentis...
Yayan 'Bedog' Supriatna
ari tarajé, jas hujan, jeung sajabana manaaa...? Ka, hihii..(y)
Deden Abdul Aziz
Nyimas Kanjeng Ratu Yuyu: Kawitna mah leres tina sepré tilam kasur, Ceuk, salajengna mangga nyanggakeun surahanana...
Deden Abdul Aziz
Nazarudin Azhar: Teu pira bahanna mah tina kecap sepré nu dibahankeun dina saémbara, Ang. Mun dina saémbara mah jadi hiji kecap tina 13 kecap bahan. Di dieu mah dijantenken hiji jontrot. Duka hasilna mah...
Deden Abdul Aziz
Apoedy Sarah Ihsan: Leres, Ang, urang ngawitan deui ka pangbalikan. Balik atanapi balikan deui...
Deden Abdul Aziz
Shohiba Nu'man: Kantenan pami ngaosna dugika tilu balikan mah, Mang... heuheu!
Deden Abdul Aziz
Yayan 'Bedog' Supriatna: Antosan wé édisi salajengna. Badé dicicil janten 13 fikmin... hihihihi
Neneng Yatikurniati
anu matak kamar janten teu rapih teh, KONDOM, da kedahna teu katingali, kedah disumputkeun, engke ku murangkalih ditiup, disangki balon
Hermayani Noni
kuren pisan
Abah Helmi
Hadoooh eta eusi sirah Marti kotka pabalatak, meujeuhna didefrag heu!
Erwin Wahyudi
Sateuacan seep waktosna, kedah diuihkeun deui kana tempat sewang-sewangan.
Deden Abdul Aziz
Neneng Yatikurniati: Ma'lum, Ceuk, profési Néng Marti téh penyuluh KB, hehehe...
Deden Abdul Aziz
Hermayani Noni: Hatur nuhun, Ceuk...
Deden Abdul Aziz
Helmi Pakudjati: Numawi, Ang, nembé direfrésh éta ogé, tapi lémot waé, janten pabalatak... heuheu
Deden Abdul Aziz
Erwin Wahyudi: Siyaaap, Ang. Buanglah buku, asbak, kuntung, kondom, hate, jeung sirah pada tempatnyah... hahaha
Kokom Komariah
Nu matak uleng eta aya kondom sagala? Kacipta diasupkeun deui kana tempatna. Atuh moal bèrès seprètèh. Sabaraha hiji kondoma dugi ka pabalatak?
Deden Abdul Aziz
Kokom Komariah: Kondomna mah mung hiji, Ceuk, mung réréncanganana nu seueur, hehehe... Untung éta kondom teu kalebet 13 kecap bahan dina saémbara, nya
Yuharno Uyuh ONod
Tegep. abong manukna, heheh
Kokom Komariah
Hadeuuuh, matak resep upami kecap kondom lebet runtuyan ka opat belas. Nanging dina karya Ang Ganjar Kurnia. Asa kadinya leotna. Emut kènèh. Geura pesat Pedangna, sarungan ku jas hujan supados amanmah. Upami teu lepatmah asana. Hapunten bilih lepatmah.
Deden Abdul Aziz
Yuharno Uyuh: Heuheu, leres Ang, untung abdi manukan, sanés manukna...
Deden Abdul Aziz
Kokom Komariah: Leres pisan, Ceuk. Bakal janten tantangan rupina. Pami dina fikmin Ang Ganjar mah jas hujan janten asosiasi ka dinya. Tiasa waé kecap kondom dianggo kanggo kondom hapé, kondom apartemén, jsb...
Ed Jenura
moal nyurahan ah, hahha! pokona mah heded we, Uk!
Yuharno Uyuh ONod
Muhn manuk iceus tea, heheh
Iwan Hanjuang
Akang moal nyurahan ah sarua, geus hebring pisan, jeung sok diajak ngobrol. sip we.
Deden Abdul Aziz
Ed Jenura: Tong disurahan sepré mah, Kuyank, mending dikalondrikeun, urut c Biyung ngompol... xixixi
Deden Abdul Aziz
Yuharno Uyuh: Manuk iceus tengah peuting...
Iwan Hanjuang
keun antep sina ngarobrol ulah digamahan.
Deden Abdul Aziz
Iwan Hanjuang: Hatur nuhun, Mang. Insyaallah dina lapak ieu mah moal aya ngobrolan moal aya caliweuraan. Sadayana komen fikmin, sanes curhat. Dijamin!
Iwan Hanjuang
jero.
Rudi Alfajri
Fikmin tingkat tinggi ieu mah Ang, sanajan kecap mung sakedik, surahanana lega saampar dunya, picontoeun piisan... Nyanggakeun (y) (y) (y) (y) (y)
Deden Abdul Aziz
Iwan Hanjuang: Jero tapi déét, Mang...
Deden Abdul Aziz
Rudi Al-Fajri: Nuhun, Ang, jempolna mani ngabring...
Mamih Uun Muliawati
Sae pisan ngarojong.
Yanti Sri Budiarti
Hoyong ngiringan merenan eusi sirah nu pabalatak. Haruh!
Deden Abdul Aziz
Mamih Uun Muliawati: Hatur nuhun pangrojongna...
Deden Abdul Aziz
Yanti Sri Budiarti: Badé dibantosan mérénanana ku abdi, Ceuk?
Mamih Uun Muliawati
sami" kang Deden.
Nena Cunara
Wooow, mantep. Sieup.
Deden Abdul Aziz
Nena Cunara: Nuhun, Aceuk. Kakarén tina 13 kecap saémbara téa...
Budi Mugia Raspati
Nu kasawang teh seprena warna bodas Ang. Bari kapecretan pulas beureum.
Irman Nurhapitudin Dimyatié
Ang Deden Abdul Aziz:"Sono maca karya salira. Barang bray muka nu ieu. Halah...! Dina punduk uing aya nu muringkak. Teuing naon. Eusi fikmin teh bener-bener jero. Jerooooo pisan. Uing kudu teuleum. Kadang beakeun nafas, kapaksa kudu mumbul heula ka luhur keur narik nafas. Balik deui teuleum. Halah...! Uing asa ras ka diri sorangan nu hayang ngarobah cara hirup tapi kadang sok bingung kudu kumaha nya ngalalakon. Edun bin Hebring. Nuhun fikminna.... (Y) (Y) (Y) (Y) (Y) "
Iwan Hanjuang
Ngalem si Jerry.
Irman Nurhapitudin Dimyatié
:"Halah...! Eta Ang Tom hehehe... wilujeng siang sarkang!"
Deden Abdul Aziz
Budi Mugia Raspati: Sepré bodas, kapécrétan pulas beureum, aya nu emplog-emplogan siga pulo... heuheu!
Deden Abdul Aziz
Irman N Dimyatie: Nuhun, Ang. Puguh uingah seuseut mikmin téh. Kedah kuat motivasina. Kedah aya kompor, hihid, bénsin, seuneu...