Mah, peuting ieu, cacap tilu welas taun urang ngawelah parahu babarengan. Najan antaré, teu kungsi eureun, meulah lambak sagara, kalan-kalan galurana mantak inggeung. Urang tetep pengkuh dina galur, bari teu poho silih simbeuh ku kadeudeuh, ngumbar harepan ngaranggeum béntang.
Kiwari, pangeusi parahu nambah duaan, karasép, lalucu jeung mudah-mudahan saroléh. Parahu mingkin beurat ngawelahna. Bapa ihlas. Teu jadi bangbaluh. Sab, dunga Mamah jadi tanaga, ngagedurkeun sumanget tan wates wangen. Bapa yakin, Mamah soléhah, pinasti ihlas marengan Bapa. Mudah-mudahan sapapanjangna.
Aya harepan nyangkaruk dina kalbu, mun hiji waktu pangeusi parahu nambahan, muga Mamah sing ihlas.