Ku Godi Suwarna
Saréna gulinggasahan. Adam. Ngimpi diudag-udag ku anjing édan. “Kiriniiing..!” sora Béker. Adam nyaring. Rét. Jam tujuh. Tapi kalah reup deui. Gok deui jeung anjing édan. Ngagogogan. Ngabeberik. Adam ngabecir. Tibabaranting. “Kiriniiing!” Sora Béker tarik pisan. Adam ngagurinjal. Hudang. Bréh. Jam dalapan. Duh. Kabeurangan. Tapi tunduh liwatsaking. Da puguh tas ngalembur tepi ka subuh. “Kiriniiing!” Béker molototan. Jarumna nunjuk kana panto. “Gandeng, satéééh! Aing tunduuuh!” Adam morongos. Kerewek. Belewer. Béker dibalédogkeun kana dingding. Bluk. Béker mental kawas bal karét. Guprak. “Kiriniiing!” Béker disasada bari jalang-jéléng. Adam ngeteyep. Ngadodoho. Bruk. Béker dirungkup ku simbut. Béker gugurubugan bari ngirining di jero simbut. Ceg kana popongkol. Béker dihanca. Digebugan. Kiriningna eureun. Simbut disingkabkeun. Bréh. “Tik! Tek! Tik! Tek!” Béker nyanggéréngan. Jarumna tutunjuk. Ka Adam. Kana panto. “Anjiiing, aing capééé..!” Adam ngagorowok bari najong. Béker nyingcet. Adam tijengkang. “Kiriniiiing!” Béker ngarontok. Rék ngégél kana genggerong. “Tuluuuung…!” Adam tibuburanjat. Burial-buncelik. Lumpat tipaparétot. Beurang-peuting diudag-udag ku Béker.