Cigunung, Lukisan kénging Yus Rusamsi
Update: 12 Fébruari 2014 22:30:15
Login ku Akun Facebook

Pangréana Fikmin

Pangaléwohna

Koméntar ti Kanca

Jumaah, 07 Fébruari 2014 14:05
Asmoel: " Assalaama'alaikum...sampurasun... mugia para Admin, teu janten gejed ku aubna pun uing di ieu rohangan. seja mikawanoh kana Fikmin, oge ngeureuyeuh dina ngamumule basa sunda. hatur punten boh bilih tata titi tindak tandukna pun uing di ieu rohangan teu kamanah ku rengrengan Admin sadaya. rumaos atah warah. pun uing nampi pangdeudeulna oge sarungsumna. hatur nuhun...."
Senén, 03 Fébruari 2014 15:36
Bagja Waluya: " Asslmkm...sampurasun...salam pangwanoh ti simkuring..."
Saptu, 01 Fébruari 2014 17:08
Dedi Haryadi: " Ngintun naskah kumaha fikmin ka saha ? Ieu naska abdi. FIKMIN: “Ijab Kabul di Mekkah” Ku Dedi Haryadi “Kang Asep nu dipikacinta, Marni teu bisa sare sapeupeuting, cimata nyuruluk teu eureun-eureun. Akang tega megatkeun duriat alatan kapincut ku randa ngora. Marni jarambah kuli ka Dubai, Jeddah jeung kiwari di Hongkong teh apan keur ngabelaan akang, anak, jeung kolot urang. Kang, Marni..."
Salasa, 28 Januari 2014 18:09
Evi Effrisanti: " Hapunten ka girang pangajen Fiksimini Basa Sunda. Abdi kanca Fbs wasta Evi Effrisanti. Seja tumaros. Abdi ngintun fikmin di lapak facebook, panjangnya teu langkung ti 150 kecap. Ku margi kenging pangaweruh enggal perkawis kosa kecap, teras sababaraha fikmin diedit di halaman profil pangarang. Nanging dina facebookna mah teu diedit da inggis bilih apung-apungan deui. Tapi, naha etangan kecapna bet..."
Jumaah, 24 Januari 2014 14:14
Asep Nurjamin: " assalamualaikum, sampurasun, mugi abdi dipaparin bongbolongan, kumaha carana hoyong janten warga fbs nganggo akun..."
Kemis, 23 Januari 2014 11:00
Firman We Lah: " asalamualaikum hatur nuhun kana pangangkena di iyeu..."
Ahad, 19 Januari 2014 08:05
Achiel Syam: " Assalamualaikum wr wb. Kahatur Admin FBS. Tumaros saalit, ningalan di daftar naskah sareng tina Kalender Fikmin. rehna Fikmin Sim Abdi "Arjuna Mencari Cinta" ping 17-01-2014. Teu Katingal. Naha eta Fikmin ngarempag Palageran nu aya atanapi nabrak SARA? Diantos Waleranana. Haturnuhun! Wassalam wr wb...."
Jumaah, 03 Januari 2014 20:45
Tutun Hatta Saputra: " Sampurasun. Sim kuring kataji ku hasil karancagean para pangarang tur anggahota nu midang di fikminsunda.com. Jalaran kitu, manawi teu janten cucuk rungkang, sim kuring seja ngilu aub. Bobot pangayon, timbang taraju, nyanggakeun ka n u kagungan wewenang. Wass...."

Kapahung

Kénging Jojo Johari
Dipidangkeun dina lapak 26 Séptémber 2012 21:13:18

Hirup kakolotnakeun, beuki karasa. Ladang murugul mawa karep sorangan. Lieuk euweuh ragap taya. Banda ludes taya nu nyesa. Ayeuna nyiruruk di imah dulur awewe. Leumpangna geus rada ngarampeol, alatan kasakit setruk. Teuteupna mencrong kana surat nu cikeneh katampa. Beja ti bank. Yen imah baturna nu basa harita digadekeun keur modal nyalon kuwu, rek di lelang. Nu boga imahna tembong keur molotot. Kekerot. Menta tanggung jawabna. "Kumaha..!" sentakna. Nu disentak kalah malik molotot. "Ari geus rek mayar make naon?! Katempo meureun ku sia oge. Aing sakieu kaayaanna?!" tembalna, teu eleh galak. "Gooblog siah! Kalah molotot?!" sentak baturna. Gajleng. Jebrod! Nonjok carehamna. Jebrod! Jejekna nenggel kana dadana. Gubrag! Nangkarak, bareng jeung korsi nu didiukanna. "Sok siah mun teu tanggung jawab!". Gejlig! Indit. Ninggalkeun manehna nu keur kusah koseh hayang hudang. Juuh ku cimata bangreung.